Lirik Lagu Cimata Cinta - Detty Kurnia

Cimata Cinta - Detty Kurnia


Mega Hideung Nu Alum Semu Nu Nguyung
Langit Angkeub Hideung Taya Bengras Deui
Duh Gusti Kanyeri Teu Euih-euih
Cipanon Kacinta Maseuhan Teu Kendat Raat

Pasusubuh Ngaririncik Hujan Leutik
Lir Marengan Ceurik Ati Nu Keur Gering
Duh Engkang Kanyeri Teu Euih-euih
Cipanon Kacinta Maseuhan Teu Kendat Raat

Na Iraha Langit Caang
Na Iraha Anjeun Datang
Na Iraha Langit Caang
Na Iraha Bagja Datang

Rasa Kaasih Teu Euih-euih
Rasa Kasono Taya Pohona
Rasa Kamelang Teu Ilang-ilang
Rasa Kacinta Ngamuara Jero Dada

Mega Hideung Nu Alum Semu Nu Nguyung
Langit Angkeub Hideung Taya Bengras Deui
Duh Gusti Kanyeri Teu Euih-euih
Cipanon Kacinta Maseuhan Teu Kendat Raat

Na Iraha Langit Caang
Na Iraha Anjeun Datang
Na Iraha Langit Caang
Na Iraha Bagja Datang

Rasa Kaasih Teu Euih-euih
Rasa Kasono Taya Pohona
Rasa Kamelang Teu Ilang-ilang
Rasa Kacinta Ngamuara Jero Dada

Na Iraha Langit Caang
Na Iraha Anjeun Datang
Na Iraha Langit Caang
Na Iraha Bagja Datang