Lirik Lagu Teung Teuingen - Nining Meida

Teung Teuingen - Nining Meida


Haleuang Nu Kapigandrung
Ayeuna Karaos Silung
Tembang Jadi Panineungan
Ayeuna Bet Ngagerihan

Baranang Bentang Nu Caang
Siga Nu Haharewosan
Pajar Akang Moal Mulang
Ka Abdi Nu Nganti-nganti

Aduh Engkang Ku Harianeun
Melakeun Kadeudeuh Bet Dikantunkeun
Kapungkurmah Sok Dipupujukeun
Dipapaes Ku Rasa Cinta

Aduh Engkang Kuteungteuingeun
Ninggalkeun Nu Sono Ninggalkeun Nu Melang
Kamana Abdi Kedah Milari
Cinta Akang Nu Kamari
Aduh Engkang

Haleuang Nu Kapigandrung
Ayeuna Karaos Silung
Tembang Jadi Panineungan
Ayeuna Bet Ngagerihan

Baranang Bentang Nu Caang
Siga Nu Haharewosan
Pajar Akang Moal Mulang
Ka Abdi Nu Nganti-nganti

Aduh Engkang Ku Harianeun
Melakeun Kadeudeuh Bet Dikantunkeun
Kapungkurmah Sok Dipupujukeun
Dipapaes Ku Rasa Cinta

Aduh Engkang Kuteungteuingeun
Ninggalkeun Nu Sono Ninggalkeun Nu Melang
Kamana Abdi Kedah Milari
Cinta Akang Nu Kamari
Aduh Engkang

Kamana Abdi Kedah Milari
Cinta Akang Nu Kamari
Kamana Abdi Kedah Milari
Cinta Akang Nu Kamari