Taubat - Versi Sunda
Hayu Urang Saradia
Mengpeng Keur Hirup Didunya
Amal Keur Sampeureun Jaga
Di Akhir Moal Sulaya
Geuning Maot Ngadodoho
Geuning Sok Di Poho Poho
Datang Na Teu Mere Nyaho
Ngagereteg Taya Tempo
Teu Aya Beurang Teu Aya Peuting
Ragaptaya Kuring
Dimana Ajal Geus Sumping
Teu Meunang Nawar Anaking
Lain Meureun Lain Sugan
Daiyeumah Kanyataan
Kabeh Pasti Ngarandapan
Najan Ceurik Balilihan
Nyeurina Nu Keur Sakarat
Nyeurina Kaliwat Liwat
Nafas Nyeuseug Mapai Urat
Taya Daya Piekun Lumpat
Barang Awak Geus Dikubur
Nu Poek Di Alam Kubur
Taya Batur Taya Dulur
Nu Aya Awak Sabujur
Ceurik Geus Teu Aya Guna
Tobat Geus Teu Ditarima
Hanjakal Geus Taya Guna
Da Bongan Hirup Sulaya
Numatak Samemeh Telat
Yuk Urang Sarengan Tobat
Urang Laksanakeun Solat
Meh Bagja Di Alam Akhirat