Pengorbanan Indung Bapa - Pupujian Sunda
Dina Waktu Anak Lahir Kaluar Anak Watir
Rasa Nyeri Sungar Seungir Ngaheujeun Nepi Ka Nyengir
Sakabeh Awak Karasa Rek Ngabijilkeun Manusa
Teu Nyaah Si Anak Dosa Teu Tobat Pasti Disiksa
Anak Doraka Ka Indung Di Siksa Teu Meunang Embung
Ngojay Na Seneu Nu Hurung Bari Teu Meunang Pitulung
Bayi Nangis Di Huapan Di Pepende Di Susuan
Ngurus Anak Riweuh Pisan Mun Geuring Diceungceurikan
Papang Miceun Diombehan Hayang Tuang Di Huapan
Mun Kareunang Di Ibakan Geura Ku Urang Emutan
Piraku Heunteu Karasa Di Urus Sampey Dewasa
Urang Teh Kudu Rumasa Doraka Ka Kolot Disiksa
Ti Leuleutik Di Aais Di Simbutan Bisi Tiris
Geus Dewasa Bijil Kumis Dikawinkeun Kanu Geulis
Eta Sing Jadi Pikiran Geus Jadi Bujang Parawan
Kasepuh Tong Milaraan Komo Mun Wani Ngelawan
Wani Ngalawan Kasepuh Eta Jalma Pasti Ripuh
Bakal Loba Pangabutuh Mun Teu Tobat Di Suluh
Ni Jadi Suluh Naraka Jalma Kakolot Doraka
Gusti Alloh Pasti Murka Ngasupkeun Kana Naraka
Ka Rama Kedah Ngahurmat Mun Hayang Meunang Safa'at
Tong Wantung Ngalawan Omat Nurut Pasti Meunang Nikmat
Ari Rama Eta Sepuh Anu Maparin Pituduh
Nu Jadi Anak Sing Rengkuh Senang Nepikeun Kasepuh
Bapa Teh Tangkal Darajat Ngurusan Anak Masakat
Tiap Isuk Bapa Angkat Nyaah Ka Putra Teu Elat
Bapa Nyaah Ngabelaaan Anak Sieun Kelaparan
Nyiar Nafkah Bulan-bulan Angkat Ninggalan
Nyaahna Bapa Ka Anak Kuli Nanggung Naktak Mundak
Suka Najan Lecet Taktak Mun Mikir Dugi Kabotak
Si Bapa Sok Milarian Artos Pikeun Anak Jajan
Keur Bekel Kasakolaan Bijil Kesang Tina Badan
Najan Cape Teu Dirasa Najan Ripuh Ge Kapaksa
Ngagunakeun Pangabisa Supaya Anak Santosa
Usaha Teu Meunang Embung Angkat Tisruksruk Tidung-dung
Neda Ka Maha Agung Eta Bapa Rejeng Indung
Indung Bapa Ngadu'akeun Ka Anak Teu Eureun-eureun
Indung Jeung Bapa Namprakeun Du'a Jeung Banda Dibikeun
Sangkan Anakna Salamet Di Dunya Jeung Di Akherat
Ti Alloh Meunang Karomat Ti Nabi Meunang Syafaat